Rabu, 22 Februari 2012

Sisindiran



Sisindiran, Pantun Sunda

 


Aya hurang ditiiran         
Aya meri di tanjakan
Hayu urang sisindiran
Suka seuri gogonjakan

Ulah naek mobil sedan
Lamun arek ka Cilawu
Ulah daek ka si Dadan
Lantaran awakna bau

Manuk hurang eukeur mumbul
Eunteupna na tangkal waru
Si Gilang daharna gembul
Beuteungna sagede nyiru

Meuli suling di Cipadung
Rek nembang di Pangalengan
Kota kuring kota Bandung
Kota kembang panineungan

Ngala hurang wanci lohor
Ngala saga pikeun ubar
Kota urang tangtu sohor
Lamun wargana motekar

Ka Cirata poe senen
Mawa impugn dina korang
Orang kota harus keren
Meskipun tak punya uang

Ka Cipayang mawa doran
Ka kulah rek kokoyokan
Lamun haying sisindiran
Ulah ambek dipoyokan

Meuli toge reujeung koya
Meuli sandal warna hejo
Manehna ge ceunah gaya
Padahal waosna hejo

Aya Cina dagang petis
Hanjakal sok di tahuan
Rina hayang jadi artis
Hanjakal osok lehoan

Mun nyaba Ka Cihanjuang
Kudu mawa lilisungan
Mun nyaah ka kota urang
Kudu miara lingkungan

Mawa hurang ka Pananjung
Meuli minyak dina botol
Kota urang bakal nanjung
Lamun rahayatna getol

Ka Cirata mawa pacul
Balikna rek tumpak delman
Orang kota harus gaul
Tidak ketinggalan zaman

Meuli keju wanci lohor
Meuli toge reujeung peuyeum
Eta baju meni logor
Pastina ge meunag nginjeum

Ka Cibogo meuli kaset
Balikna rek tumpak sado
Kabogoh teuing ku kasep
Gantengna lir Rano Karno

Dina panto aya kuya
Rek dicolok mun teu poho
Ieu tato lain gaya
Ngarah borok teu ka tempo

Mawa angeun ti Cikuya
Mawa sandal ti Cikokol
Baju anjeun memang gaya
Hanjakal meuli ti Cimol

Ka Cibogo kedah janten
Kade hilap nyandak cau
Kabogoh abdi ge ganteng
hanjakal awakna bau

Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok
Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….
laun-laun jadi orok
Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan
Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol



Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun
Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana
Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh


Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
éndahna kabina-bina
Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing émut ka diri abdi


Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
lamun hadé rumawatna
Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur
Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana
Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan
Béak taun béak windu
moal weleh dileukeunan
Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
ari balik sok leungiteun
Bubuy bulan sangray béntang
panonpoé disasaté
unggal bulan abdi téang
unggal poé ogé hadé
Carulang dipahpal kuda
héjo deui héjo deui
Rék mulang samar kaduga
nénjo deui nénjo deui
Cau ambon dikorangan
kanyéré ka pipir-pipir
Lalaki ambon sorangan
awéwé teu mikir-mikir
Cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapa
Deungkleung déngdék deungkleung déngdék
buah kopi raranggeuyan
Ingkeun ieu anu déwék
ulah pati diheureuyan
És lilin buatan Bandung
dicandak ka Cipaganti
abdi isin bararingung
sok inggis henteu ngajadi
Itikurih Béntang Sinar
maén di lapang Cicéndo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nénjo
Itu saha nungtun munding
digantélan saputangan
Itu saha ginding teuing
singhoréng geuning jungjunan
Jeruk lemo jeruk butun
diteundeun di ruyuk kaso
Tilam sono ka nu ngantun
sampeureun isuk pagéto
Kamana ngaitkeun kincir
ka kalér katojo bulan
Kamana ngaitkeun pikir
moal palér ku sabulan
Kapinis ulah disumpit
tangkal muncang ngarangrangan
Ieu nulis badé pamit
duakeun ti kaanggangan
Karinding palapah kawung
ditiup ku nu paranti
Nu ginding ulah mangpaung
sing émut ka diri abdi
Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan
Kembang goyang jeung érmawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang réa kakelar
tagiwur teu genah cicing
Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
isuk mah urang pajauh

Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah téténjoanana
Majar manéh nganyam samak
neukteukan bari motongan
Majar manéh néang anak
ngadeukeutan popotongan
Meuncit meri dina rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur
Ngala antanan ka jami
cau emas tengah huma
Kahayang ulah rék lami
geura unjukan ka Ama
Ngalantung mulungan tanjung
bari metik nagasari
baringung pikir mangpaung
ati ceurik jeung rarisi
Ngaput baju kurang benang
gantian ku kantéh baé
Mun panuju geura téang
kuring mah rék daék baé
Ngimpi ngajul kembang tanjung
ngimpi ngala nagasari
Ngimpi tepung jeung nu jangkung
tara-tara ti sasari
Pileuleuyan cangkang béas
huut sajeroning kéjo
Pileuleuyan urang ikhlas
imut sajeroning nénjo
Pileuleuyan daun pulus
kararas daun katimpang
Pileuleuyan ulah tulus
masing ras ka nu di tukang
Pucuk tiwu akar bangban
amis mata disusukan
Mun rék milu geuwat dangdan
cimata geura susutan
Rayagung tanggal sapuluh
kasungka reujeung maléla
Abdi burung mun teu tulus
kasuka da ti baheula
Reundeu beureum reundeu hideung
reundeu kayas solempangan
Beuki heubeul beuki nineung
beuki lawas kaédanan
Rincik-rincik hujan leutik
paralak hujan tambaga
Nilik-nilik mojang leutik
teu terang aya nu boga
Samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunana
Abdi nineung ka nu balik
kumaha nuturkeunana
Saninten buah saninten
dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
tangtos seueur kalepatan
Sayang kaak diarengan
diasupkeun kana peti
Hayang angkat sasarengan
bati gegetun nya ati
Talingtung talina benang
mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
moal eureun disuratan

Pantun/Sisindiran Idul Fitri
  • 1. ngaborong doran jeung hayam
    diparaban sampeu atah
    wilujeng boboran siam
    mugi urang wangsul fitrah
  • 2. boh bilih ngical kalapa
    candakna nganggo carangka
    boh bilih kalindih murka
    muga kersa ngahampura
  • 3. boh bilih ka Sukajadi
    ulah hilap meser roti
    boh bilih kalangsu dengki
    muga kersa ngamaklumi
  • 4. salami di Sukajadi
    teu ningalkeun kuring salat
    Salami urang pahiri
    urang silih pundut maaf
  • 5. lamun kuda mirip itik
    loba jalma lalumpatan
    salami urang kumelip
    tangtos seueur kalepatan
  • 6. cecendet mande kiara
    dijualan make panci
    mugi kersa ngahampura
    kuring kungsi ingkar janji
  • 7. mun cecendet mande kiara
    gera cokot hiji-jiji
    mugi kersa ngahampura
    kuring kungsi nganyenyeri
  • 8. mun indit ka Sukmanah
    ulah poho ka Pa Lurah
    mugi anjeun jembar manah
    sabab kuring niat pasrah
  • 9. hirup kumbuhna manusa
    tangtu kungsi haramjadah
    kuring pasrah tumarima
    laku lampah teu merenah
  • 10. meuli kacu ejeung gincu
    mawana bari disuhun
    rumasa ngagugu nafsu
    matak kuring nyuhun ampun
  • 11. mun indit ka Ujungberung
    bari mawa awi tali
    rumasa kungsi ngaberung
    mugi Gusti kersa nampi

Ditulis Oleh : Unknown ~ Sebagai Admin Blog Herangmata

HarySukaSuka Sobat sedang membaca artikel tentang Sisindiran.Terimakasih Telah Berkunjung di Blog Herangmata, Kritik dan Saran Yang Membangun Sangat di Perlukan Agar Content dan Tampilan Blog ini Menjadi Baik.

:: Get this widget ! ::

Tidak ada komentar:

Posting Komentar